WILUJENG SUMPING KA BLOG SIMKURING..,

Senin, 30 Januari 2012

Ngamumule basa sunda, lamun teu ku urang sunda ku saha deui

Pan asa aneh lamun urang sunda teu bisa ngomong sunda, piraku ari urang Jawa make bahsa jawa urang batak make bahasa batak ari urang sunda
henteu make bahasa sunda?
Ayeuna urang tilik kumaha carana bahasa anu ku
urang sunda di pika cinta ieu sangkan teu nepi ka tumpur. Tapi nempo kaayaan saperti kieu mah heunteu mustahil upama ka hareupna bahasa sunda bakal tumpur, coba ku urang titenan, kiwari loba kolot nu ngajarkeun ka anak na make bahasa indonesia, tah eta hiji conto gambaran kajadian nu ku urang perlu di perhatikeun, kusabab kajadian samodel kieu teh heunteu saeutik panyebab na bisa salah sahiji kolotna lain urang sunda(kawin jeung urang kota).

Conto sejen na di sakola bahsa sunda teh ngan di ajarkeun na saminggu sakali, jeung deuih malah mandar guruna ge lain ti jurusan bhs sunda. Kahareupna kumaha sangkan aya generasi anu baris nuluykeun ekistensi bahasa sunda di kolong alam dunya, khusus namah di tanah parahiangan.

bahasa sunda teh warisan ti karuhun urang pasundan nu matak urang nu jadi orang sunda asli kudu ngamumule bahasa sunda.
Ari kuringmah insyaALLAH moal nepi ka poho bahasa ibu lantaran bahasa sunda teh geus ngadarah daging.



tah si kang kieu anu tos ngangkat kreatifitas sunda ku cara lagu lagu na anu reueus kana ceuli,..
hatur nuhun kang ....
Doel Sumbang salah sahiji penyanyi tur musisi sunda anu masih keneh aya, puluhan lagu sunda hade anu tos di jieun ku anjeun na.

sareng teu hilap ka kang darso anu ayeuna parantos pupus, mugia amal ibadah na di tampi ku Allah SWT
kang darso mangrupi seniorna kang doel, kreasi na patut di acungkeun 2 jempol...

masa masa emas na kirakira di tahun 80-90 an, lagu anu pasti ku urang sunda pada apal kabeh nyaeta mawar bodas.

kreasi anjeuna di bidang seni sunda pantes di sandang
"DARSO, the phenomenal.."







Lamun urang ngaku keneh urang sunda hayu urang babarengan ngamumule bahasa sunda, ngomong make bahsa sunda, narita jeung babaturan make bahsa sunda kudu era atuh ku seler nu lain,..piraku si Asep urang cilacap ngomong na make bahsa jawa jeung si ricardo urang medan ngomongna make bahasa batak, urang ge tong eleh.

hayu urang ngamumule bahsa sunda ku sakamampu urang...


di kutip ti blog sunda ..kagungan kang Tata Danamihardja © 2010...



tah ieu blog simkuring, anu mudah mudah ieu teh salah sahuji cara urang ngamumule bahsa sunda sangkah ulah nepi ka nu ngarana punah atawa tumpur tea..

DURIAT HIRUP KURING